:

1 Raja-raja 16

1

Geus kitu aya timbalan PANGERAN ka Yehu bin Hanani, ngembankeun timbalana-Na pikeun Baasa. Kieu timbalana-Na,

2

"Maneh ku Kami geus dijungjung tina cacah kuricakan jadi raja nyangking umat Kami Israil. Kari-kari kalakuan maneh henteu beda ti Yarobam, migawe dosa jeung ngadosakeun umat Kami, nepi ka dosa maranehna matak ngentab manah Kami.

3

Mana maneh katut sanak baraya ku Kami bakal dipiceun, arek disaruakeun jeung Yarobam.

4

Saban jalma ti sanak baraya maneh, paeh di kota bakal dihakan anjing, paeh di tegal bakal beak ku manuk gagak."

5

Lalampahan Baasa jeung kagagahanana kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

6

Baasa pupus, dimakamkeun di Tirsa. Karajaanana diteruskeun ku Ela, putrana.

7

Kitu timbalan PANGERAN perkara Baasa jeung sanak barayana anu didongkapkeunana ku Nabi Yehu, lantaran Baasa midamel dosa ka Mantenna. Anjeunna kudu narima eta hukuman ti PANGERAN, lantaran nya midamel dosa saperti kalakuan Yarobam, nya numpes ahli-ahli Yarobam ongkoh.

8

Ela mimiti jadina raja Israil teh dina taun kadua puluh genep Raja Asa ngarajaan nagara Yuda. Calikna di Tirsa, ngarajaanana dua taun.

9

Aya anu sakait ngamusuh ka anjeunna, nya eta Simri, anu ngapalaan saparo pasukan kareta raja. Hiji waktu Ela ngaleueut nepi ka mabok di bumina Arsa mantri karaton, di Tirsa.

10

Sabot kitu Simri asup, Ela ditelasan. Ti dinya Simri ngaganti jadi raja. Eta kajadianana dina taun kadua puluh tujuh Raja Asa ngarajaan nagara Yuda.

11

Sanggeus Simri jadi raja, harita keneh terus numpes sanak baraya Baasa. Wargi-wargi jeung mitra-mitrana, sakur anu lalaki mah beak, kabeh diparaehan.

12

Timbalan PANGERAN ku jalan Nabi Yehu perkara Baasa tea tinekanan. Kulawargina kabeh tumpes dipaehan ku Simri,

13

temahna tina lampah maranehna anu muja arca-arca jeung nyasabkeun Israil sina marigawe dosa. Baasa kitu deui Ela putrana, geus nyundut bebendu PANGERAN Allah Israil.

14

Lalampahan Ela kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

15

Simri mimiti jadina raja Israil dina taun kadua puluh tujuh Raja Asa nyangking nagara Yuda. Calikna di Tirsa, ngarajaanana ngan tujuh poe. Harita balad Israil keur ngepung kota Gibeton di tanah Pelisti.

16

Barang balad ngadarenge yen Simri baha jeung maehan raja, seug harita keneh, di dinya keneh ngajenengkeun Panglima Omri jadi raja Israil.

17

Omri sabaladna mulih ti Gibeton tuluy ngepung kota Tirsa.

18

Barang nangenan yen eta kota geus ragrag, Simri lebet ka benteng di jero karaton, ger karaton diduruk, sarta anjeunna oge tiwas kaduruk,

19

bayaran lampahna midamel dosa ka PANGERAN. Teu beda ti Yarobam anu saheulaeunana, Simri oge matak bendu PANGERAN, midamel dosa sarta ngalantarankeun urang Israil marigawe dosa.

20

Lalampahan Simri jeung hal ngabelotna, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

21

Rahayat Israil pecah. Saparo rek ngangkat Tibni bin Ginat jadi raja, saparo deui tetep misuka ka Omri.

22

Ahirna anu meunang teh anu nyekel Omri. Tibni tiwas, Omri jadi raja.

23

Omri mimiti jadina raja Israil dina taun katilu puluh hiji Raja Asa nyangking nagara Yuda. Ngarajaanana dua belas taun, calikna mimitina di Tirsa meunang genep taun.

24

Ti dinya ngagaleuh pasir Samaria ti Semer genep rebu gebleg uang perak. Eta pasir ku anjeunna dibenteng, diadegan kota anu dingaranan Samaria, nyokot tina ngaran Semer asal nu bogana.

25

Omri midamel dosa ka PANGERAN, malah leuwih ti nu ti hareula.

26

Teu beda ti Yarobam anu saheulaeunana, anjeunna oge nyundut bebendu PANGERAN Allah Israil, midamel dosa, nyasabkeun Israil kana dosa jeung sina nyarembah ka brahala.

27

Lalampahan Omri, jeung hal ihtiarna pikeun nyampurnakeun kakawasaanana, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

28

Omri pupus, dimakamkeun di Samaria, tuluy digentos ku Ahab, putrana, jadi raja.

29

Ahab putra Omri mimiti jadina raja Israil dina taun katilu puluh dalapan Raja Asa nyangking nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana dua puluh dua taun.

30

Anjeunna oge midamel dosa ka PANGERAN, tur leuwih ti nu ti hareula.

31

Anjeunna mah kawas tacan ngaraos cukup ku midamel dosa cara kalakuan Yarobam, da nepi ka geureuhaan ka Isebel putra Raja Etbaal raja nagara Sidon sarta ngabakti ka Dewa Baal.

32

Dewa Baal teh ku anjeunna dipangdamelkeun kelenteng di Samaria, dipangdamelkeun altar sagala, diteundeunna di eta kelenteng.

33

Diwuwuhan deui ku ngadamel arca Dewi Asera. Matak benduna PANGERAN Allah Israil teh anjeunna mah pohara kacida, leuwih ti raja-raja Israil nu ti hareula.

34

Jaman anjeunna jadi raja, aya jelema ngaran Hiel urang Betel, ngadegkeun deui kota Yeriho. Mangsa eta, cocog sakumaha anu geus ditimbalkeun ku PANGERAN ku jalan Yosua putra Nun tea, nya eta: Waktu Hiel masang pademen kota Yeriho, nu jadi parepehna teh Abiram, putra cikalna, sarta waktu ngadamel gapurana diparepehan ku Segub, putra bungsuna.

Link: